Tukang Kai

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji
waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan,
kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa
ka dewa, doana kadangueun ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros :
“Hey…kunaon maneh ceurik?”

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal
manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka
walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, “Ieu
kampak anjeun teh?”

Tukang kai ngajawab : “Sanes!”

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila
mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya
ka tukang kai , “Sugan nu ieu kampak anjeun teh?” Sakali deui, tukang kai
ngajawab : “Sanes!”

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina
beusi, anu memang kaboga si tukang kai, “Ieu meureun kampak anjeun teh?”

Tukang kai ngajawab: “Sumuhun, leres Gusti !”

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana
dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari
jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan.
Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si
Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa
turun ti langit teras naros : “Kunaon deui anjeun ceurik?”

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan
dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus
naros: “Ieu pamajikan anjeun teh?” Na ari pok teh: “Leres, eta pamajikan
abdi teh!”

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : “Anjeun bohong!, teu jujur!”
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :

“Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes…..sanes….kitu maksad
teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes
pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak… Dian Sastro, upama ku
kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui
nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi.
Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang
nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu,
kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy
Ratnasari teh!”